Kamis, 22 Oktober 2009

carita si kabayan

Si Kabayan Dititipan Nyai

Dina hiji poe kiyaina ngomong ka SK, kieu basana: “Kabayan, poe ieu aing dek ngalancong nagih ka Peuteuyraket. Aing titip nyai jeung pakarangan imahna, bisi kumaha onam sakebel aing euweuh aya. Kitu kieu aing seren ka dia bae, jeung eta nyai dia kiwari keur hees poyan, tabeatna mun hees sok kataranjangan. Eta ku dia supaya mindeng dilanglang, mun kasampak taranjang laju turuban, nyah!”

Cek SK, “Inggih kiyai, ulah kawatir,”

Geus kitu kiyaina laju leumpang.

Kacarita SK mariksa nyaina. Barang asup ka imah kabeneran nyaina keur hees kataranjangan, bari nangkarak ngabalakatak. Laju SK nyokot haseupan; barang diturub-keun, laju ku SK ditenjo bari tulang cangkeng. Cek SK ngomong sorangan, “Ah, kurang pantes.”

Diganti deui, dituruban ku pangarih, barang ditenjo cek SK, “kurang pantes.” Di-ganti deui dituruban ku coet, barang ditenjo cek SK, “kurang pantes.”. Diganti deui, di-turuban ku kekeb barang ditenjo cek SK, “teu parigel keneh bae.”

Geus kitu SK ngomong sorangan bae, “eta nyai kataranjangan dituruban ku naon-naon euweuh nu meujeuhna, jeung euweuh nu parigel sakali,” Cek SK, “badeng mah lamun dituruban ku awak aing mah meujeuhna, jeung tangu jadi pantesna.”

Ti dinya SK laju ngadapang dina luhur beuteung nyaina, bari ngomong, “Maap nyai, parentah kiyai; ja dituruban ku haseupan, ku pangarih, ku coet jeung ku kekeb, kabeh teu meujeuhna. Barang dituruban ku awak kula sakieu bae rasana aya meujeuhna, aya parigel, aya ngeunah.”

Cek nyaina, “Bener Kabayan.”.

Cek SK, “lah, garan geh.”

Tina kangeunahanana SK datang ka lali hees dina luhur beuteung nyaina, jeung nyaina hees deui bae.

Teu kebel jol kiyaina datang, laju nyalukan ewena, “Di! Di! Kaka datang!”

Dua tilu kali cacalukan euweuh nu nembalan.Molongokeun lawang, pageuh di-tulakan. Geus kitu kiyaina nyokot taraje, naek kana tabing layar. Katenjo ewena keur aya nu numpakan. Ti dinya kiyaina gabrug bae ngaragagkeun maneh, saking kaliwat marah-na. Tapi barang nenjo haseupan, pangarih, coet, jeung kekeb ngaberes gigireun nu hees eta kiyaina teu jadi marah. Nu keur hees digulingkeun, golepak, laju harudang.

Cek SK, “Aih, ja kiyai.”

Cek nyaina, “Lah, kaka datang.”

Cek kiyaina, “SK edan, nyaina haram jadah.”

Cek SK, “Pangapunten kiyai, eta perkawis tadi kiyai nitipkeun nyai keur hees sok kataranjangan. Barang dipariksa ku kula bener kataranjang, tapi dituruban ku haseupan, ku pangarih, ku coet, ku kekeb, kabeh teu parigel. Barang dituruban ku awak kula meujeuhna parigel jeung ku ngeunah. Mun kiyai teu ngandel, katuran jajal.”

Cek kiyaina, “Bener tah Kabayan?”

Cek SK, “Wani sumpah, kiyai!”

Geus kitu nyaina titah ngedeng nangkarak, sataranjang, dituruban haseupan, pangarih, coet, jeung kekeb, diganti-ganti kabeh ditenjo ku kiyaina teu parigel.

Cek SK, “Coba turuban ku beuteung kiyai, tangtu meujeuhna jeung parigel.”

Ti dinya kiyaina laju ngadapang dina beuteung nyaina.

Cek SK, “Kumaha kiyai?”

Cek kiyaina, “Yakin Kabayan!”

Cek SK, “Hop bae carikan aing, heesan datang ka isuk, ulah turun ti luhur beuteung!”

0 komentar:

Posting Komentar